Baheula nalika Sukabumi masih kénéh leuweung geledegan.
Kacaritakeun aya hiji putri turunan Pajajaran nu ngarana Nyi Rara Sanget nu
katelahna Nyai Putri Caweni, nénéhna kitu sabab manéhna masih kénéh parawan
atawa tacan kawin.
Numutkeun béja Nyai Putri Caweni nya éta nu ngababakan jeung nu
ngadegkeun Sagaranten nu ayana di Kabupatén Sukabumi.
Nyi Rara Sanget nya éta saurang putri nu kacaritakeun geulisna
kawanti-wanti, tug nepi ka loba jalma sarta gegedén nu kapincut ati kapentang
asmara ku kageulisanana. Ku kituna Nyi Rara Sanget loba baganti salaki
nepi kana 40 kalina. Ieu hal lain ku sabab manéhna salingkuh atawa milampah
kalakuan goréng sok komo nepi ka miboga sipat goréng mah tapi Nyi Rara Sanget
miboga watak anu anéh nya éta, kabéh salakina tilar dunya saméméh malem
panganténan.
Nyi Rara Sanget nandangan kasedih sabab kudu nyanghareupan ieu
kaayaan. Hirupna dituturkeun kalangkang implengan nu matak nyeri kana haténa.
Dina hiji peuting nalika bulan purnama, Nyi Rara Sanget diuk
dina luhur tangkal sempur. Hiliwirna angin peuting neumrag buukna nu ngarumbay,
sakapeung nutupan pameunteuna. Teu jauh ti dinya, dina sisi jungkrang,
hawar-hawar aya sora manuk cuhcur patembalan jeung sora sri gunting nu nyaruaan
sora suling.
Nyi Rara Sanget mingkin ngarasa sorangan. Karasana asa mingkin
peurih lir nitah indit ka nujauhna. Sora Sri Gunting lir ngajak sadar. Sadar ka
Hiyang Widi, sadar kana papastén, sadar kana diri nu saberna. Tapi kasedih téh
nuturkeun lir kalangkang nu sok waé nembongan. Nyi Rara Sanget teu boga tempat
pikeun pakumaha. Mun inget ka palebah dinya, segruk waé manéhna ceurik, dirina
miharep aya nu maliré ngaragap kana haténa.
Taya tempat pikeun ngedalkeun eusi haté, nu aya ngan tangkal
sempur. Nya didinya Nyi Rara Sanget ngedalekun eusi haténa, meureun boga pikir
sugan jeung sugan ieu tangkal sempur bisa nampa kana naon anu keur
dirasakeunana. Nepikeun kahayang ka balé pangaduan Mandala Agung di
kahiyangan.
Saliwat ku paningal batin Nyi Rara Sanget katempo aya jalma
rurusuhan, ngusapan panggero sukmana. Tapi sanggeusna inget manéhna karak sadar
yén nu tadi téh ngan saukur gerentés haténa wungkul. Nalika Nyi Rara Sanget
keur dina kaayaan kitu, dadakan aya cahya tina tangkal sempur. Tapi teu lila
éta cahya ngaleungit deui. Nyi Rara Sanget ngarasa sieun tapi karasana tenang
kana haténa.
Nalika keur ngalamun mikirkeun éta cahya, dadakan aya bau nu
kaaangseu matak nyegerkeun, dibarengan hiliwirna angin neumrag kembang bungur
nu keur marakbak. Diangseu bauna lain tina kekembangan, tapi bau tina kemuning
nya éta bau wawangian tina menyan Pajajaran Tengah.
Nyai Putri nganseu, ngararasakeun timana datangna éta
seuseungitan. Pikirna tina jalma nu keur muja di gunung atawa dina jero guha.
Tapi sanggeuna dirarasakeun éta seungit téh ngan ukur aya di sabudeureunana.
Satuluyna Nyi Rara Sanget ngarapetkeun dampal leungeun tuluy diteundeun dina
emun-emunan bari sideku diarakeun ka tempat nu tadi aya cahyana. Nyi Rara
Sanget milampah sakumaha mistina, inyana apal yén cahya jeung seuseungitan tadi
mangrupa totondén datangna karuhun Pajajaran. Inyana nyembah kana jasad nu teu
nyata, kalayan ageman Sunda Pajajaran Tengah, nu dipikahormat ku inyana.
Nalika sumujud, inyana cumarita ngawilujeng sumpingkeun ka
karuhun, manawa sareng manawi bilih boa aya carita jeung amanah.
Bareng jeung hiliwirna
angin, aya sora taya jirimna.
” Nyi Rara Sanget, tong ceurik waé, éta soca karunya tos bareuh
ku cimata.”
Nyi Rara Sanget nempo
ka kénca ka katuhu, nempo sabudeureunana timana asalna éta sora. Teu lila
kadéngé deui aya sora.
“Nyi Rara Sanget teu kudu nyiar éyang ka tempat nu jauh. Éyang
aya didieu, teu jauh ti nyai.”
“Ké, Ényang téh saha?”
“Nyi Rara Sanget nu geulis, kiwari Éyang teu miboga ngaran,mun
Éyang miboga ngaran meureun jeung jasadna. Nya kieu ari Éyang mah, teu saeutik
nu nyebut Éyang téh jurig, sétan, ririwa jeung sajabana.”
“Keun waé Éyang, éta nu ngahina geus ninggalkeun kapercayaanana.
Tapi meureun Éyang miboga ngaran mangsa Éyang jumeneng kénéh. Saha ari ngaran
Éyang.”
“Nyai, mangsa Éyang hirup katelahna Resi, nya éta Resi Kalang
Béntang.”
“Éyang, Éyang téh geus jadi karuhun?”
“Ngan ukur nyai nu nyebut Éyang karuhun, ngan Nyai nu nuturkeun
kapercayaan agama Pajajaran nu katelah agama Sunda. Tapi geus loba nu
ngahianat, saupama Éyang datang, biasana Éyang sok diusir ku babacaan
mantra-mantra jeung sajabana.”
“Keun Éyang, mugya sagancangna maranéhna balik deui kana ageman
urang, nu saéstuna ageman karuhun maranéhna ogé. Tapi ayeuna kumaha kaayaan
Nyai, Éyang?”
“Nyai, Éyang moal datang kadieu, saupama teu apal saha nu
ngageroan sabab keur kasusahan.”
“Énya Éyang, tapi dimana éyang saleresna? Nyai hayang patepung
jeung Éyang. Cing témbongkeun wujud Éyang.”
“Nyai, lain tadi Éyang geus cumarita, yén Nyai teu kudu néangan
ka tempat anu jauh. Sora Éyang ngan saukur bisa kadéngé ku ceuli Nyai. Jadi
éyang ogé aya dina ceuli Nyai. Éyang tacan aya ijin pikeun némbongkeun manéh
sabab tacan mangsana. Tapi éyang diijinkeun pikeun nyoara jiga ayeuna kieu.
Kitu ogé teu lila.”
“Teu nanaon éyang, tapi kudu kumaha ieu diri téh. Hirup téh asa
nyanghareupan ka susah waé.”
“Nyai, Éyang datang pikeun nepikeun talatah. Éyang apal yén
ayeuna Nyai téh keur nandangan ka susah. Teu kudu sieun sok sanajan hidep geus
ngarandapan 40 kali kawin, Éyang apal yén Nyai masih kénéh parawan.”
“Kumaha atuh ieu hirup téh Éyang?”
“Teu nanaon Nyai, laina hirup mah geus aya nu ngatur? Nya éta
takdir geus ditangtukeun ku Hyang Widi. Lalampahan Nyai geus jelas jiga bulan
purnama, geus dicaritakeun ku sora manuk cuhcur, yén Nyai miboga salaki lain di
alam ayeuna, tapi éngké di alam carita.”
“Éyang saupamana kitu, Nyai ayeuna kudu maot heula?”
“Nyai, laina hirup téh ahir pikeun ngamimitian, sedengkeun mati
nya éta mimiti pikeun ahir.”
“Satuluyna naon nu kudu dipilampah ku Nyai.”
“Nyai, lalampahan hirup Nyai béda jeung kahirupan wanoja séjéna.
Sabari ngadagoan pisalakieun, hidep kudu ngabersihkeun éta awak. Aya pancén anu
kudu dipilampah ku hidep.”
“Naon waé pancénana téh, Éyang?”
“Mimiti nu kudu dipilampah ku hidep nya éta ngababakan di ieu
tempat. Keur cicing rahayat hidep. Sanggeuna kitu, hidep kudu tapa sangkan
pisalakieun geuwat gancang datangna, nu sabenerna mapag hidep.”
“Dimana Nyai kudu tapa, Éyang”
“Di ditu di belah kulon, dina curug anu sanget. Tah didinya
hidep tapa tug nepi ka mangsana datang.”
“Sanggeusna Nyai tapa, naha lila kénéh pisalakieun téh
datangna?”
“Disebutkeun lila, waktu mah bisa diitung, tapi disebutkeun
sakeudeung angger masih kénéh lila. Sabab hidep kudu nyanghareupan heula
hahalang anu geus ditangtukeun. Geus ayeuna mah tog loba pipikiran, leuwih hadé
ayeuna mah geura tatahar pikeun ngababakan leuweung.”
“Ké heula Éyang. Kumaha rék ngababkan. Lainna Nyai téh ngan ukur
awéwé masih kénéh budak jeung deui teu boga batur saurang-urang acan.”
“Nyai sik sanajan Nyai téh leutik kénéh, laina keur leutik Nyai
téh pernah diajarkeun pikeun ngageroan mahluk gaib (aji pangendam waruga
samar). Maenya hidep geus poho deui. Geura tatahar Nyai, sabab Éyang geus lila
teuing nyarita jeung Nyai. Ngan saupama Nyai nyanghareupan kabingung jeung teu
geunah haté. Geroan waé Éyang. Éyang maol lila pasti datang.”
“Mangga Éyang, tapi saméméh Nyai ………….”
Tacan bérés nyarita, dadakan hawar-hawar aya sora gumuruh,
dibarengan angin ngagelebug tarik. Nyai Purti nuluykeun caritana.
“Saméméh Nyai ngababakan ieu leuweung, Nyai ménta pibakaleun
ngaran ieu pakampungan. Lamun saupamana geus réngsé, naon ngarana Éyang?”
Patalékan Nyi Putri taya nu ngajawab. Nu kadéngé ukur sora manuk
cuhcur nu matak keueung pikasieuneun. Nyi Putri teu apaleun yén bareng jeung
sora gumuruh tur dibarengan ku gelebugna angin, Resi Kalang Béntang mulih ka
alam taya ngarana.
Nyai Putri ngageroan, tapi taya jawaban. Ukur dijawab ku sora
alam tengah peuting di leuweung.
Ngarasa ditinggalkeun, Nyai Putri Rara Sanget ceurik jiga budak
leutik. Inyana nyuuh dina tangkal sempur. Tapi sanggeusna inget deui kana
pancén ti Rési Kalang Béntang. Karasa yén ieu pancén téh teu hampang. Tapi sok
sanajan ngarasa wegah, inyana tetep lumampah pikeun tatahar nyanghareupan
pancéna.
Singkat carita, ieu Nyi Putri geus réngsé ngababakan, nu
baranggawéna dibantuan ku mahluk-mahluk ghoib. Numutkeun carita ieu mahluk
ghoib ngajangélék jadi jalma sakumaha ilaharna. Nu jadi puun ieu lembur nya éta
Nyai Rara Sanget.
Salila Nyai Putri jadi Puun di ieu kampung, inyana dipikanyaah
ku masarakatna. Wibawana ngondang jalma pikeun dumuk di ieu lembur. Lila ku
lila ieu lembur jadi kampung malah mingkin ramé ku pangeusina.
Dina kaayaan kampung keur tingtrim, Nyi Putri Rara Sanget inget
kana pancén ka dua nu kudu dipilampah, malah ulah nepi ka henteu. Inyana kudu
tatapa dihiji curug piekun mersihkeun diri, nya éta di Curug Dolog.
Sok sanajan beurat pikeun ninggalkeun rahayatna, tapi dalah kudu
kumaha. Pancén kudu tetep dipilampah. Nalika hayam kongkorongok, inyana ménta
pikeun dibarengan ku dua urang kokolot lembur. Teu lila kitu inyana indit
dibarengan ku kokolot pikeun nepi kana éta Curug Dolog. Dua urang kokolot ieu
ngarasa héran, maranéhna teu dibéjaan naon pamaksadan Nyi Putri. Rék nanya teu
wani, nu atukna maranéhna nuturkeun naon kahayangna Nyi Putri.
Wanci manceran maranéhna nepi ka tempat anu di tuju. Nalika Nyi
Putri nempo éta curug, inyana ngarasa sedih. Tapi ieu kasedih teu
ditémbongkeun. Nempo Nyi Putri jiga anu keur sedih, atukna dua urang kokolot ieu
jadi milu sedih, tapi éta kasedihna sarua teu ditémbongkeun. Nyi Putri
ngarénghap, neuteup ka dua kokolot, tuluy maranéhna tungkul bari nahan kasedih.
“Lot, ayeuna geus nepi ka tempat anu dituju.”
“Muhun, tuluy naon atuh maksadna Nyai Putri ngajak kami ka ieu
curug.” Ceuk salah sahiji nu pangkolotna, ngarasa héran.
Nyai Putri neuteup ka éta dua kolot.
“Dégngékeun ku duaan. Nyai ménta dianteur ka ieu tempat, sabab
Nyai kudu milampah pancén ti karuhun.”
“Naon pancén Nyai Putri téh?”
“Kudu ngaberesihkeun diri ku cara tapa di ieu curug. Sangkan
naon nu dipikahayang, bisa cumpon.”
“Numutkeun pamandegan kami, lamun saupamana bener-bener miboga
kahayang, naha henteu disawalakeun di kampung waé. Maenya urang henteu bisa
narékanana. Tapi naon nu dipikahayang ku Nyai Putri?” Ceuk nu pangkolotna.
“Lot, anjeun duaan geus kudu ngarti. Ieu kahayang teu kudu di
sawalakeun, iwal ka anjeun duaan. Ieu urusan ulah jadi pikiran kabéhan
nyusahkeun kabéhan mah.”
“Mémang kitu ari sakudunana mah, tapi laina Nyai Putri téh
Pupuhu kampung. Anu tangtuna saupama Nyai susah, nu séjén ogé milu mikiran.
Malah kudu sanggup nyanghareupanana.”
“Lot, éta ucapan némbongkeun kanyaah. Tapi ceuk kuring mah. Ieu
hal geus ditangtukeun ku waktu. Digamarkeun ku jaman. Kuring kudu
ngaberesihkeun diri, pikeun nuluykeun hirup kahareupna.”
“Leres, palebah éta mah. Naon salahna saupama kuring waé nu
ngawakilan pagawéan Nyai Putri, sangkan ieu kampung teu kaleungitan pupuhu
kampung. Asal Nyai Putri ngajéntrékeun naon nu kudu dipilampah.” Ceuk nu ngora,
nyodorkeun diri nyanggupan pikeun ngawakilan.
“Lot, udagan kuring lain udagan aranjeun. Kitu ogé kahayang
kuring lain kahayang aranjeun. Sok sanajan sarua tapi moal sarua cara pikeun
ngahontal udaganana. Sabab lain jelema lain ogé kahayangna. Sok komo kuring téh
wanoja? Sok sanajan kawani surupna lalaki tapi ari haté leutik mah anger wé
awéwé. “
“Kuring rék tapa, rék ngadagoan pisalakieun nu sabenerna. Mémang
geus kitu kuduna.”
“Nyai Putri, hampura kuring wawanianan tumanya. Tapi naha Nyai
Putri néangan pisalakieun téh kudu tatapa. Padahal apanan teu saeutik nu
baleunghar, katurunan para ménak. Maénya maranéhna bisa nolak Nyai Putri. Keun
kuring anu ngondang arinyana.”
“Anjeun nya éta pangkolotna. Tapi umur wungkul nu kolot mah.
Maenya teu ngarti kana katangtuan karuhun jeung takdir. Kuring geus sakuduna
nurut kana béja nu dibawana. Kuring nganuhunkeun kana kasatiaan aranjeun. Tapi
ké yeuh déngékeun caritana.”
Ngadéngékeun carita Nyi Putri Rara Sanget, nu dipikolot éraeun
dibarengan gagaro teu ateul kana sirah. Nu ngora mh cicing nagog bari cumeluk
tungkul.
Nyai Putri nempo kana curug tuluy nempo kajauhna ka arah
kampung. Tuluy neteup ka dua kokolot nu keur nagog tarungkul. Nyi rara sanget
haténa gulinggasahan pikirana inget deui kalembur, ku inyana kabayang wangunan
imah kusuhunan hateup jeung kiray. Cai ngocor ka unggal
kulah.
Dina kaayaan nu bingung tur teu pugug rarasaan, Nyai Putri Rara
Sanget ngagero Eyang Resi Kalang Béntang ku paninggal batina. Tapi Éyan Resi
Kalang Béntang teu nembongan.
Nalika kitu Kokolot nyarita, “Nyai Putri saméméh Nyai miang
tatapa. Naon pi bakaleun ngaran pikeun ieu lembur urang. Bisi hiji mangsa
pangeusi lembur tumanya. Maenya éta lembur teu miboga ngaran.”
“Nya heug ari kitu mah. Éta lembur dibabakan ku kuring bareng
aranjeun. Numutkeun carita karuhun, harita mah éta lembur téh leuweung
geledegan. Di éta tempat ogé Hariang Banga jeung Ciung Wanara ngadu jajatén.
Kitu mun teu salah mah. Malah cenah mah, baheulana ieu tempat téh urut sagara.
Tandana nya éta di ieu tempat loba karang jeung urut kerang dina unggal pasir
jeung tegalan. Di ieu patempatan ogé loba nyampak inten tapi moal bisa dicokot
saméméh ugana datang. Sangkan luyu jeung carita kolot baehula, éta lembur ku
kuring dingaranan SAGARA INTEN.”
“ Mangga Nyi, tapi naha éta inten téh bakal bisa di cokot
ayeuna-ayeuna.” Ceuk nu ngora.
“Sigananana mah, moal kajamanan ku aranjeun, sabab éta lembur
kudu di kacaukeun ku jalma nu mangrupa monyét. Enkgé mangsana bakal aya sukma
beureum, sukma beureum ieu bakal ngajadikeun kabéh nagara jadi beureum. Teu
lila ti harita, sigana bakal datang mangsana.”
“Nyai, sok sajan umur kuring geus kolot tapi pangaweruh mah
kurang sabab pangalaman anu kurang. Sok sanajan éta lembur geus miboga
ngaran, tapi saha nu bakal mimpin jeung nu jadi pupuhu pikeun éta kampung.
Paménta ti kuring, sok sanajan Nyai tapa keur néang pi salakieun, tapi
ulah lila teuing.” Ceuk éta nu kolot bari ceurik jiga budak.
“Lila mah lain urusan kuring. Tapi nu pasti kuring kudu tapa tug
nepi ka pisalakieun mapag kuring. Ngeunaan pamimpin, engké ogé bakal aya anu
mimpin sarta bakal silih baganti. Kitu nu bakal ka alaman ku aranjeu, da
éta mah kahayang jaman.”
u ngora tangah tuluy carita,”Nyai kumaha saupamana lamun, kuring
sakampung piligenti pikeun nungguan Nyai, nepi ka pisalakieun Nyai mapag ka ieu
tempat.”
“Lot, teu kudu maksa. Lamun saupamana hayang apal, naon pangna
ngan aranjeun duaan nu dibéré nyaho, nya éta ngarah nu séjén teu apaleun.
Saupama nu séjén apaleun tangtu lalampahan kuring moal cumpon. Aranjeun
diajakan sabab pikeun nuluykeun tapak kuring jeung pikeun ngabéwarakeun
lalampahan kuring ka nulian.”
“Nya mun kitu kuduna, kuring teu bisa kukumaha. Ngan lamun Nyai
rék lila tapana, kuring miharep sawaktu-waktu Nyai ngalongokan.”
“Heug mun éta paménta ti aranjeun mah, tangtu ku kuring bakal
dicumponan. Sok sanajaan aranjeun teu méta, kuring geus aya implengan kana éta
hal. Ngan nu kudu ku aranjeun dipikanyaho, kuring titip ngaran dina batu. Hiji
mangsa kuring datang saupama aya nu ngagero. Tapi kuring ngan saukur nulungan
ka jalma nu hadé lakulampahna jeung nu milampah kabiasaan karuhun. Aranjeun ogé
kudu nyaho, yén kuring saurang wanoja nu kungsi miboga salaki 40 kali, tapi
kuring masih kénéh parawan, sabab kabéhna tilar dunya saméméh malem
panganténan. Lamun saupamana salembur ngagero kuring, sebut waé ngaran kuring
PUTRI CAWÉNÉ, kuring mo jauh ti nu ngabutuhkeun. Lamun saupama hiji mansa
loba nu ngageuhgeuykeun ngaran kuring, tong sakali-kali nyeri haté. Keun waé
jalma kitu mah tangtu engké ogé bakal aya anu ngaréngsékeun. Ayeuna meungpeung
sarangéngé aya dina luhur embun-embunan, kuring rék indit milampah pancén
kuring.”
“Nyai, ké heula. Sangkan kuring salembur teu salah dina nempo
waktu nalika Nyai kawin jeung pisalakieun Nyai, naon totondéna pikeun kuring
baléréa. Ceuk nu kolot.
“Heug atuh, pikeun totondéna nya éta nalika wahangan Dolog jeung
Buni ieu ngahiji jadi hiji wahangan nu ngamalirna ka sagara kidul. Tepikeun
talatah kuring ka jalma salembur.” Geus kitu Nyai Putri leumpang muru ka tempat
deukeut curug.
Nyai Rara Sanget anu baganti ngaran jadi Putri Cawéné tuluy
sideku nyembah, sanggeus kitu tuluy diuk pikeun tapa.
Nyai Cawéné leungit kageulisanana. Leungit rupana Nyi Putri,
leungit ogé jasad manusana. Tapi ngarana bakal tetep hirup. Nepika kiwari aya
batu di deukeut curug Cidolog nu ngarana Nyai Putri Cawéné. Bener jeung
henteuna ieu carita, ngan sakitu ayana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar