Ieu carita lumangsung kira-kira dina jaman
rugrugna Pajajaran, nya éta nalika Pajajaran diserang ku Cirebon, Demak jeung
Banten. Harita Sukabumi tacan katelah Sukabumi. Ieu tempat ayana di tutugan
Gunung Gedé jeung Gunung Salak nu katelahna “Papanah Awatan Pagadungan”, nu aya
dina pangawasa Pajajaran Tengah, wewengkon Bogor.
Mangsa Pajajaran digempur ku Cirebon, Demak,
jeung Banten, daérah Pagadungan ogé teu luput diserang. Puseur Kabupatén
Pagadungan ieu kira-kira ayana di daérah Gunung Walat (daérah Cibadak), baheula
katelahna “Kadatuan” atawa “Kabupatian” Pamingkis. Nu jadi bupati atawa datu
dina mangsa harita nya éta: Ki Ranggah Bitung, sarta bojona Nyi Radén Puntang Mayang.
Kadatuan Ranggah Bitung diserang jeung diduruk
ku musuh, nepi ka ludes. Ranggah Bitung perlaya nalika perang ngalawan musuh
nepi ka pangimeutan; harita Nyi Radén Puntang Mayang keur kakandungan. Pikeun
nyalametkeun Nyai Radén Puntang Mayang, jaro (lurah) Kadatuan nu ngarana Ki Loa
Kutud jeung istrina, Nini Tumpay Ranggeuy Ringsang, mawa Nyai Radén Puntang
Mayang ngungsi mimiti ka Gunung Bongkok, nu ayana di daérah Cibadak. Didinya
meunang katerangan ti Tutung Windu, yén Radén Puntang Mayang kudu di bawa ka
Gunung Sunda, nu ayana di daérah Palabuhanratu.
Dumasar kana pituduh Resi Tutug Windu, Nyai
Radén Puntang Mayang dibawa ku Ki Jaro. Di tengah lalampahan, kabeneran Ki Jaro
panggih jeung saurang budak lalaki nu umurna 6-7 taun. Ditanya timana asalna.
Tapi éta budak teu daék nyarita. Teu lila budak téh, yén manehna geus aya di
ieu leuweung sabab aya nu mawa nalika kampungna diduruk musuh. Ki Jaro miboga
kayakinan, yén ieu budak lain budak samanéa. Satuluyna ieu budak dibawa ngungsi
babarengan.
Harita Gunung Sunda masih kénéh leuweung
geledegan. Di pangungsian di Gungung Sunda, Ki Jaro ngurus jeung nalingakeun
Nyai Radén Puntang Mayang. Nepi ka mangsana Nyai Radén Mayang Puntang
ngababarkeun budak awéwé, nu geus gedéna dibéré ngaran Nyai Arum Pundak Saloyang
atawa numutkeun versi Sumberwangi nu katelahna Nyai Radén Pundak Arum. (pudak=
kembang jaksi; Arum = deungit; pudak arum=kembang jaksi nu seungit).
Budak anu harita meunang panggih di jalan ogé
sarua di urus ku Ki Jaro dipikanyaah sakumaha mistina. Sanggeusna gedé éta
budak lalaki dibéré ngaran Wangsa Suta.
Kusabab Nyai Arum Pudak Saloyang jeung Wangsa
Suta hirup jeung digedékeun di tempat anu sarua, atukna aya rasa nu
tumuwuh antara duanana. Cindekna ieu jajaka jeung wanoja meungkeut tali asih.
Sok sanajan tali asih geus dibeungkeut jeung
Nyai Pudak Saloyang, Wangsa Suta miboga kahayang pikeun nyuprih pangarti heula.
Sanggeusna meunang ijin ti Ki Jaro, Wangsa Suta miang leuleuweungan.
Lalampahan Wangsa Suta ka béh kiduleun Gunung, deukeut daérah
Cikembar. Didinya Wangsa Suta panggih jeung saurang Resi, ngarana Saradéa.
Sanggeusna ditarima jadi murid. Wangsa Suta diajarkeun élmu pangaweruh, élmu
kasaktén, élmu bangunan, élmu perang, jsb.
Resi Saradéa talatah ka Wangsa Suta, yén
saméméh Wangsa Suta kawin jeung Nyai Pudak Saloyang, manéhna kudu nyieun heula
lembur. Éta lembur ayana di tempat nu aya tangkal kiara kembar, nya éta
ayana di Gunung Parang. Mimitina ngabuka leuweung nya éta kudu ditempat paku
jajar ngadahan lima, tempatna déngdék ka béh kidul, di tegal kolé nu dauna
wungu jeung rupa kembangna héjo. Sanggeuna éta témpat kapanggih tuluy wangsa
Suta muka lahan pilembureun atawa ngababakan di tempat tegal kolé.
Teundeun carita ngeunaan Wangsa Suta, ayeuna
urang téang lalampahan Nyi Pundak Saloyang.
Geulisna Nyi Pudak Saloyang kawéntar
kamana-mana, tug nepika loba gegedén nu mikahayang pikeun jadi pamajikanana.
Hiji mangsa datang utusan ti Demang Sukamukti nu mancén gawé keur ngalamar Nyi
Pudak Saloyang pikeun jadi selir. Ki Jaro jeung Nyi Pudak Saloyang teu bisa
kukumaha. Saéstuna lamaran téh geus di tolak ku Nyi Pudak Arum, tapi Nyi Pudak
Arum dipaksa.
Ngarasa dipaksa, Nyi Pudak Arum teu narima,
atukna gelut jeung éta utusan. Nyi Pudak Arum nya éta wanoja anu sakti. Nalika
diserang ku utusan tadi, éta keris utusan dipelengkung-pelengkungkeun ku
leungeuna malah mah nepi ka rék potong sagala. Nempo kitu, éta utusan ngarasa
éra. Tapi atukna Nyi Pudak Arum bisa ditéwak ogé sarta dibawa ka Demang
Sukamukti.
Nalika arék malem panganténan, dadakan éta demang
tilar dunya, tug nepi ka Nyi Pudak Arum salamet jeung tetep kajaga parawanana.
Geulisna Nyi Pudak Arum kadéngé deui ku gegedén beunghar di Padabeunghar. Ieu
tempat dingaranan Padabeunghar, meureun baheulana loba baleunghar nu cicingna
di éta tempat. Kajadian diluhur ogé lumaku ka ieu gegedén, manéhna tilar dunya
saméméh malem panganténan.
Aya deui jalma beunghar nya éta Ki Puru Sastra
anu kahasil migarwa Nyi Pudak Arum, tapi saméméh panganténan, ieu Ki Puru
Sastra dadakan tilar dunya.
Geus kitu, ieu béja ngeunaan NyiPudak Arum
kadéngé ku saurang haji di Centayang, nya éta Haji Ijamalil. Manéhna miboga
pamajikan kurang leuwih aya kana 20 urangna. Dina danget harita manéhna geus
jadi haji, sabab geus asup Islam. Nalika Haji Ijamal’al rék ngalamar Nyi Pudak
Arum,di tengah jalan manéhna kasamer gelap tug nepi ka tilar dunyana.
Kitu jeung kitu wé satuluyna, unggal lalaki nu
hayang mikagarwa Nyi Pudak Arum tangtu tilar dunya saméméh malem panganténan.
Hiji mangsa ieu warta ngeunaan Nyi Pudak Arum kadéngé ku demang Kartala, inyana
nya éta demang ti Mangkalaya nu ayana di daérah Ciaat Sukabumi. Radén Kartala
miboga penasehat, nya éta urang jawa nu ngarana Sakatana. Ngadéngé aya wanoja
nu mawa cilaka, Sakatana cumarita “ Leuwih hadé ieu awéwé urang paéhan waé”.
Ceuk Kartala “keun waé, urang pasrahkeun waé ka Sultan Demak”.
“ Lamun ku urang dibaktikeun ka Sultan Demak, pasti urang Demak
bakal nyiduhan urang,” ceuk Katana.
Singkat carita Nyi Pudak Arum beunang tug nepi
ka leungeuna diborogod, maksudna ieu Nyi Pudak Arum téh arék dipaéhan kucara
dipengal. Teundeun ieu carita, ayeuna urang sampeur lalampahan Wangsa Suta.
Harita Wangsa Suta keur ngabukbak lahan
(ngababakan) pikeun nyieun lembur di Gunung Parang. Dina hiji waktu nalika
Wangsa Suta keur saré, dadakan manéhna ngarasa teu genah haté jeung pikiran.
Tuluy manéhna ka luar, miang lumampah tug nepi ka anjog ka daérah Cisaat.
Kabeneran Nyi Pudak Arum harita téh arék dipengal beuheunna kalayan paréntah
Demang Mangkalaya. Nalika bedog rék nepi kana beuheungna Nyi Pudak Arum,
gancang Wangsa Suta nyalametkeun bari ngaharéwos, “Dagoan di Gunung Parang,
dihandapeun tangkal pakujajar nu miboga lima dahan. Didinya aya tempat nu keur
dibabakan ku kuring. Dagoan didinya.”
Sanggeusna Wangsa Suta ngaharéwos kitu.
Manéhna ngadu jajatén jeung salah saurang algojo. Nalika keur ngadu jajatén
kitu, manéhna teu apal yén Nyi Pudak Arum téh ditéwak deui ku lagojo séjén. Nyi
Pudak Arum diborogod tuluy diasupkeun kana karung, tuluy luhurna dibeungkeut
sangkan teu kabur. Sanggeusna dikarungan, éta Nyi Pudak Arum dibawa ka Pulau
Putri nu ayana di teluk Jakarta.
Nalika Wangsa Suta ngadu jajatén, inyana
miboga sangkaan yén Nyi Pudak Arum téh geus nepi ka Gunung Parang. Sanggeuna
ngéléhkeun éta algojo, geuwat Wangsa Suta ngajugjug ka Gunung Parang, saggeusna
nepi, gening Nyi Pudak Arum teu nyampak di ieu tempat. Ninggali kitu, kapaksa
Wangsa Suta nyauran Resi Saradéa nu jadi guruna. Sabenerna, sanggeusna Wangsa
Suta miang ka Gunung Parang. Resi Saradéa pindah ka Gunung Arca nu ayana di
deukeut Pasir Pendil, di kiduleun daérah Cijangkar.
Teu lila sanggeuna di samat, ieu Resi Saradéa
datang. Manéhna cumarita “Wangsa Suta, lain dina jaman ayeuna, hidep kudu
ngahiji jeung Nyi Pudak Arum tapi dina jaman séjén, saupama geus nepi kana
ugana. Tapi hidep kudu ngadagoan nepi ka ugana datang, lamun saupama Gunung
Parang geus pinuh ku imah sarta saupama Tegal Kolé geus jadi kota. Dina éta
mangsa bakal aya wanoja nu nungtun masarakat nu keur katalangsara sabari
gagedékeun haté wanoja nu ka nyenyerian ku salakina. Tah éta wanoja titisan Nyi
Pudak Arum sarta éta mangsana hidep bisa ngahiji jeung manéhna.”
Dina legénda Sukabumi, Wangsa Suta nu
munggaran ngababakan Tegal Kolé tug nepi ka loba jalma nu bubuara ka ieu
tempat. Satuluyna nyarieun imah di ieu patempatan tug nepi ka jadi
kotana. Wangsa Suta tetep ngadagoan, sabab kitu pokna ceuk Resi Saradéa “ yén
ieu tempat bakal dibéré ngaran : resep cicing di imah (Sukabumi)”.
(Anis Djati Sunda)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar