Di
Sukabumi aya hiji situ anu tos kakoncara, katelahna Situ Gunung. Pernahna di
désa Gedé Pangrango, kacamatan Kadudampit. Ti puseur dayeuh Sukabumi anggangna
kirang langkung 15 KM.
Kaayaan
Situ Gunung pohara éndahna. Caina canémbrang hérang. Sabudeureun situ pinuh ku
rupa-rupa tatangkalan. Atuh pantes baé hawana téh karaos seger.
Numutkeun
carita anu dicaritakeun deui, Situ Gunung téh lain situ alam. Situ Gunung
ngahaja didamel ku jalmi. Nu ngadamelna nya éta Embah Jalun saparakanca. Kieu
jujutan caritana! Geura regepkeun sing gemet!
Embah
Jalun kalebet kulawarga raja Mataram. Ramana janten pangagung di éta karajaan.
Jenengan aslina téh nya éta Rangga Jagat Syahadana. Ramana Embah Jalun kalebet
pajoang anu tanggoh. Anjeunna ngalawan panjajah Walanda dugi ka perlayana.
Ahirna, kalungguhan ramana di karajaan Mataram dipasrahkeun ka Embah
Jalun. Sok sanaos anjeunna anom kénéh, namung da tos kamashur kasakténna.
Janten pantes, upami Embah jalun janten pangagung téh.
Dina
hiji mangsa Embah Jalun ngantunkeun Mataram. Tempat anu dibujengna nya éta
Banten. Maksadna mah hoyong sasarengan sareng Sultan Banten geusan bajoang
ngalawan panjajah Walanda.
Jalan
ka Banten mah bénten sareng ayeuna. Harita mah masih kénéh leuweung
geledegan. Embah jalun katut parapangiringna ngalangkungan leuweung geledegan
anu rembet ku tatangkalan galedé tur sasatoan anu garalak. Seueur jungkrang anu
lungkawing sareng walungan anu arageung. Atuh puguh wé lalampahanana
téh sesah énggal dugina.
Di
satengah ngilalampahan, Embah jalun
saparakanca sok ngaso di sababaraha wewengkon. Contona baé, di Cirebon,
Sumedang, sareng Cianjur. Di éta wewengkon anjeunna teras-terasan bajoang.
Malih, di Sumedang mah kantos katangkep ku musuh. Kitu deui, di Cianjur.
Anjeunna baris ditibanan hukuman pati ku cara digantung. Untung baé Embah jalun
téh kalebet pajoang anu sakti. Anjeunna tiasa kaluar ti panjara, sateuacan
hukuman pati dilaksanakeun.
Ti
Cianjur neraskeun lalampahan ka Bogor. Jalanna ngaliwatan leuweung Gunung Gedé
sangkan teu kasusud ku panjajah Walanda. Lalampahanana dugi ka hiji léngkob.
Éta léngkob pohara éndahna. Lebah dinya aya walungan anu caina canémbrang
hérang.
Embah
Jalun katut robonganana ngaso di éta tempat. Maksadna mah palay nyegerkeun deui
salirana. Ma’lum tos nyorang lalampahan anu sakitu tebihna. Lami-lami
diputuskeun kanggo ngababakan di dinya. Bumi kanggo panganjrekan diwangun ku
cara gotong royong. Malih mah, anjeunna kantos ngadegkeun masjid. Dugi ka
kiwari éta tempat katelah Gunung Masigit.
Teu
kantos lami, anjeunna kagungan putra. Jenengan putrana téh Rangga Jagat Jaka
Lulunta. Nu sok disarebat Jalun, pondokna tina Jaka Lulunta.
Ka
dieunakeun, jenengan Jalun téh sok dianggo nyebat ramana. Hartosna, ka Rangga
Jagat Syahadana nyebat Embah jalun. Nya ahirna, masarakat langkung mikawanoh
kana éta jenengan. Tah, ti harita Rangga Jagat Syahadana katelah Embah Jalun!
Kagungan
putra téh kalintang bingahna. Saking ku bingah-bingahna, Embah Jalun kagungan
nadar. Anjeunna badé ngadamel talaga anu teu tebih ti tempat panganjrekanana.
Kaleresan
aya hiji léngkob nu sumber caina saé pisan. Embah Jalun sareng pangiringna
badanten. Nya, ahirna dicindekkeun yén éta léngkob badé dibendung ti palih
kulon.
Teu
kacarioskeun lamina ngabendung éta léngkob, talaga téh tos ngajanggélék. Caina
ngamplang tur canémbrang hérang. Kawantu sumber caina ti pagunungan. Éta talaga
dugi ka kiwari disebatna Situ Gunung.
Dina
hiji mangsa Situ Gunung kapendak ku Walanda. Éta situ ditalungtik. Tétéla, situ
téh sanés situ alam, namung ngahaja didamel.
Lami-lami
kasusud yén nu ngadamelna téh Rangga Jagat Syahadana nu nuju dipilari. Walanda
satékah polah nyiar tarékah sangkan bisa nangkep Rangga Jagat Syahadana.
Rangga
Jagat Syahadana alias Embah jalun ahirna katangkep. Anjeunna baris ditibanan
hukuman pati. Tempatna di alun-alun. Kiwari mah alun-alun Cisaat. Namung, ku
kersaning Anu Maha Kawasa, Embah Jalun lolos tina bahaya maut. Anjeunna teu
cios digantung dina tihang gantungan.
Embah
Jalun lolos tina hukum pati. Anjeunna neraskeun deui lalampahanana. Mung ayeuna
mah henteu sareng pangiringna. Kulawargana ogé teu aya nu dicandak. Anjeunna
angkat bari susulumputan. Jalanna ngalangkungan leuweung anu brasna ka Bogor.
Lalampahan
Embah jalun mung dugi ka Bogor. Anjeunna teu dugi ka Banten, margi kabujeng teu
damang parna. Ahirna anjeunna pupus. Layonna dipendem di kampung Baru Bogor.
Tah,
kitu jujutan carita embah jalun anu ngawangun Situ Gunung!
Sanaos
embah Jalun tos taya dikieuna, Situ Gunung mah tetep dipiara ku kulawargana.
Mung hanjakal, ka béh dieukeun karebut ku Walanda. Ku Walanda, éta situ
diwangun deui janten tohaga. Malih, dicaketeunana diwangun hotél sagala.
Katelahna hotél Situ Gunung. Dugi ka kiwari éta hotél téh aya kénéh.
Kiwari
Situ Gunung janten pangjugjugan balaréa. Anu piknik jul-jol ti mana mendi.
Duka
dugi ka iraha Situ Gunung tetep kamashur. Duka dugi ka iraha éta talaga tetep
kakoncara. Tangtosna gé gumantung ka nu ngarawatna. Kalebet ngaraksa tur
ngariksa leuweung. Leuweung Gunung Gedé sumber cai urang Sukabumi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar